Geus jadi kaniscayaan budaya, yen dina sajarah kahirupana Urang Sunda dikenal ayana istilah Nitis.
Secara sederhana, Nitis bisa dihartikeun turunna sukma manusa baheula ka raga manusa kiwari. Sukma nyaeta jiwa atawa inti kasadaran manusa, anu jeng nyawa (ruh) sarta raga jadi tri tunggalna hurip nu ngahirupkeun hiji jalma.
Kasang tukang sukma baheula nitis ka raga kiwari nurutkeun Tradisi Tutur Sunda loba tujuanna; boh pikeun nyampurnakeun gawe baheula nu acan tuntas, masih ayana rasa panasaran gede nu can ka ungkap di waktu baheula, atawa kusabab ngawengku tugas anyar ti alam mandala (ghaib).
Di khazanah Sunda Kuno, Konsepsi Nitis dianggap pengetahuan elitis, Sangat Sangat Rahasia, tidak mungkin dipublikasi atau diumbar secara umum. Jadi manawi patut dipertanyakan pisan lamun kiwari aya jalma ngaku-ngaku ka-Sukma-an ku Karuhun Luhung, ka-titisan Tokoh Besar Masa Silam.
Di jaman baheula istilah Nitis jadi kaniscayaan nu umum jeung dipercaya ku jalma balarea sesuai alam kayakinan nu gumelar harita, saperti Sunda Kuno, Hinduism/Budhis, Falsafah Oriental, Paganisme dll – ageuman2 nu memang suprastruktur kosmologina meyakini ayana Konsep Nitis.
Dina kayakinan2 Hinduism disebutkeun dewa bisa nitis ka raga manusa. Di kayakinan Sunda Kuno oge dikenal nitisna hiji karuhun ka rundayanna/ turunan nu kapilih. Secara umum, Konsepsi Nitis memang diyakini ku ajaran-ajaran kuno nu aya di alam dunya.
Termasuk di alam kayakinan Sunda Kiwari masih aya oge sabagian jalma anu masih meyakini Konsepsi Nitis samisal ceunah Si Anu di jerona Siliwangi atau Si Eta nu konon Sukma na Sukarno atawa Si Itu katitisan Ratu Pakuan.
Di era Islam, Kayakinan ka Konsepsi Nitis mulai ditinggalkeun jeung dianggap saukur dongeng, atawa bahkan dianggap kayakinan keliru, jeung mustahil. Loba argument kaislaman nu dianggap te salaras pikeun eksisna Konsepsi Nitis. Kitu dei sabagian bab Pengetahuan Modern menolak ayana Konsepsi Nitis. Beda jaman, beda kayakinan beda teknologi beda pamadegan tangtu beda oge hukumna.
Namung, sanajan kitu sesa-sesa Konsepsi Nitis sihoreng masih dianut ku sabagian Urang Sunda Kiwari. Orang kulon nu ngaku-ngaku modern jeung ilmiah oge te saeutik nu percaya ka ayana konsep Nitis nu disebut Soul Empowerment tea.
Ujungna pikeun manusa kiwari, Konsepsi Nitis jadi hiji bahasan nu kontroversial jeung pro kontra kusabab setiap jalma boga pamadegan masing2 sesuai kayakinan nu dianutna.
Pikeun sabagian pihak, menganggap yen Konsepsi Nitis teh te beda teknologi beda jaman. Di jaman samemeh Revolusi Industri nu ngadadasar ayana kapal terbang, jalma bisa ngapung ciga manuk dianggap mustahil.
Kitu dei jalma bisa ngomong pa jauh-jauh dianggap te mungkin samemeh ayana teknologi telpon. Loba pasal nu di hiji jaman dianggap mustahil tapi di jaman sejen justru jadi adat kabiasaan.
Ngan kusabab Nitis mah asup wilayah spiritual/ ghaibiyah maka ngahukumana te gampang ciga masalah teknologi tadi. Antukna, Konsepsi Nitis pikeun Urang Kiwari jadi hiji misteri. Namung manawi pikeun Nonoman Sunda Jaman Now, Konsepsi Nitis cukuplah sekadar diketahui sebagai Khazanah Budaya Baheula saja.
Pamungkas, tradisi tutur Sunda netelakeun yen lamun aya nu ngaku-ngaku katitisan Siliwangi, Balangantrang, Ratu Pakuan, Ratu Galuh, Karuhun Luhung Sunda atanapi Sukarno atawa Roro Kidul jeung sajabana berarti eta jalma keur Ngadodoho Suda – Ngabobodo Sunda.22
