Tembang Kembang Gadung dapat dipahami sebagai narasi kesadaran kosmologis para seniman Sunda baheula dalam memahami wangunan utuh kesenian. Seni bukan sembarang seni, melainkan salah sahiji wahana spiritualisme buhun. Ku sabab eta, saméméh pintonan seni digelar, biasana dimimitian heula ku ngahaleuangna bait-bait kemakrifatan Kembang Gadung: “Muji syukur ka Hyang Agung, neda jembar hampura-Na, neda rahmat syafaat-Na, neda diaping dijaring, neda syafaat pangriksa.” Ungkara ieu henteu saukur pembuka seremoni, tapi mangrupa pernyataan posisi manusia sebagai makhluk yang sadar akan asal-usul dan tujuan spiritualnya.
Dalam kerangka budaya Sunda Buhun, seni henteu ngan ukur ngawangun spiritualisme langit, tapi ogé spiritualisme bumi atawa kamanusaan. Hal ieu kacermin dina ucap Kembang Gadung: “Sareng ka para karuhun, nyanggakeun ieu pangbakti.” Di dieu tampak yén seni jadi jembatan antara dimensi ilahiah jeung dimensi leluhur, antara nu sakral jeung nu sosial. Para karuhun henteu diposisikan sebagai objek penyembahan, melainkan sebagai mata rantai kesadaran yang menyambungkan generasi ayeuna jeung warisan nilai masa lalu. Dalam banyak kajian antropologi Sunda, seperti yang dicatat oleh Edi S. Ekadjati, penghormatan terhadap karuhun merupakan bagian integral dari sistem nilai yang menekankan harmoni antara manusia, alam, dan kekuatan adikodrati.
Pertanyaan mengenai naha “doa bubuka” seni Sunda nyandak aran “Kembang Gadung” membuka lapisan simbolik yang langkung jero. Gadung minangka tatangkalan rambat ngandung makna silib siloka “sasak mandala”, hiji jembatan antara dua alam: lahir jeung batin, kasar jeung halus. Karakter gadung anu teu bisa langsung dikonsumsi tanpa melalui proses pembersihan (tirtasuci) ngajadikeun eta simbol transformasi spiritual. Gadung kudu direundeum dina cai pikeun ngaleungitkeun racunna, sarua jeung manusia anu kudu ngalampahkeun prosés panyucian diri saméméh ngadeukeutan nu Maha Suci. Tradisi ieu sajajar jeung praktik ritual Sunda kuna anu sok dimimitian ku beberesih diri nganggo cai suci, anu sacara arkeologis ogé dibuktikeun ku ayana situs-situs petirtaan di sababaraha kabuyutan Sunda.
Nilai ieu tiasa dipatalikeun jeung naskah kuna sapertos Sewaka Darma, anu ngandung ajaran moral jeung spiritual ngeunaan kahirupan anu harmonis antara manusia jeung jagat raya. Dina naskah ieu, konsep kasucian, pengendalian diri, jeung hubungan antara lahir batin ditegaskan sebagai bagian dari laku hirup. Filosofi Kembang Gadung siga ngagambarkeun prinsip anu sarua: yén pikeun ngahontal tingkat kesadaran anu leuwih luhur, manusia kudu ngalangkungan prosés panyucian, boh sacara fisik boh spiritual.
Gadung ogé dina sababaraha kajian etnobotani dikenal sebagai tanaman (Dioscorea hispida) anu mengandung racun sianida alami, sehingga perlu diolah secara khusus sebelum aman dikonsumsi. Menariknya, dalam kadar tertentu, gadung juga dapat menimbulkan sensasi perubahan kesadaran, anu ku sebagian kalangan dipandang sebagai pengalaman transendental. Hal ieu ngajadikeun metafora gadung henteu ngan ukur simbol pembersihan, tapi ogé simbol peralihan antara sadar jeung teu sadar—antara dunia profan jeung dunia sakral.
Puncak metafora ieu disampurnakeun ku digunakannya kata “kembang”-na, anu mangrupakeun mahkota tina hiji tatangkalan. Kembang ngalambangkeun puncak keindahan sekaligus kesempurnaan proses pertumbuhan. Ku sabab kitu, judul “Kembang Gadung” leuwih ti sekadar estetika semiotika, tapi oge silib integral spiritualisme buhun anu jero pisan. Penciptana tangtu lain ngan saukur seniman, tapi ogé budayawan anu agamawan—anu mampu ngahijikeun rasa, cipta, jeung karsa dina hiji ekspresi anu utuh.
Dina titik ieu, katingali yén para seniman Sunda baheula parantos mampu mentransformasikeun kasadaran kosmologisna kana bentuk ekspresi seni anu luhur. Seni henteu dipisahkeun tina nilai kesucian, tapi justru jadi medium pikeun ngahontalna. Seni miboga semangat kesucian anu luhung, anu ngajadikeun unggal pintonan henteu ngan hiburan, tapi ogé ibadah dina arti kultural-spiritual.
Anapon dina kanyataan kiwari, loba seni Sunda anu karasa leungiteun rasa jeung ruh kemakrifatana. Hal ieu bisa jadi mangrupa perbawa jaman modern anu leuwih menekankan aspek hiburan jeung komersialisasi, sarta bisa ogé kusabab putusna akar spiritualisme Sunda tina para seniman kiwari. Padahal, dina pamahaman buhun, seni lain ngan ukur gelar waditra pertunjukan, tapi ogé medium penghambaan makhluk ka Khalik. Nalika dimensi ieu leungit, seni jadi kosong tina makna jero, tinggal bentuk tanpa jiwa.
Ku kituna, nginget deui filosofi Kembang Gadung sanés saukur usaha pelestarian budaya, tapi ogé upaya ngahirupkeun deui kesadaran kosmologis anu pernah jadi dasar kahirupan urang. Dina eta kasadaran, seni, alam, manusia, jeung Gusti henteu dipisahkeun, tapi silih nyambung dina hiji jalinan makna anu utuh. Rahayu dina seni, rahayu dina budaya, jeung rahayu dina kahirupan anu nyambung deui kana asal-usul spiritualna.
