Hung
Ahung
Ka Nu Agung Sang Rumuhung
Pupunclak Agung Pamunjung
Anu Nunggal di Kalanggengan
Anu Langgeng nya Tunggal bae
Nu Ngabogaan sakabeh Jagat
Nu Ngabogaan sakabeh Alam
Paralun
Mohon widi pikeun nyatur
Catur galur nu kapungkur
Kisah cerita masa silam
Haneuleum kolot jaman baheula
Hanjuwaneun anak incu nu daratang bari mapay
Nyarusul bari maruruh
Mencari jejak sebuah tapak
Tapak lacak Dalem Manggung Ciparage
Karawang adalah sebuah daerah dengan perjalanan sejarah yang sangat tua, terentang selama ribuan tahun, dihuni oleh banyak peradaban agung dari mulai Kerajaan Salakadomas, Tarumanagara, Kerajaan Sunda Galuh – Pajajaran, Mataram hingga kiwari Jaman Modern. Saking tua dan legendarisnya Perjalanan Sejarah Karawang hingga muncul ungkapan : Karawang adalah Al-Awalu wal Akhiru Fil Syajarotun Al-Alam. Karawang adalah awal dan akhir sejarah dunia. Orang bilang, Karawang teh kolot. Dimana kolotna? Sumber yang tercatat menunjukkan bahwa kerajaan pertama di Pulau Jawa terletak di Karawang, yaitu yang dinamakan Argyre, atau Kuta Tambageu atau Salakadomas atau Emporium Koying yang kelak menjadi cikal bakal kerajaan Tarumanagara dan kerajaan-kerajaan lainnya di Pulau Jawa.
Dari perjalanan panjang Sejarah Karawang munculah nama Ciparage. Kiwari, nama Ciparage mungkin tersembunyi di balik nama Cilamaya padahal sejak berdirinya Kabupaten Karawang Ciparage lebih dulu ngadayeuh padasaat Cilkamaya masih suwung manusa, dan nama Ciparage lebih tenggelam lagi di balik bayang-bayang kebesaran daerah Karawang lainnya. Hal ini membuat Sejarah Ciparage jarang terekspos. Lalu seperti apa sebenarnya Sejarah Ciparage.
Tanpa mengurangi rasa hormat kepada para sesepuh dan tokoh Ciparage dan sekitarnya, izinkan sy berbagi sedikit kisah tentang Babad Dipala Carita Ciparage Manggung dina Palataran Jaman. Pun sapun paralun.
Tahun 1625-1628 Lemah Karawang kadongkapan ku dua rombongan jalma nu sakitu seueurna pikeun mangsa harita. Rombongan mimiti aya kana saratus urang nyaeta Rombongan ti Wirasaba nu dipimpin ku hiji tumenggung nu katelah Arya Surengrono. Harita rombongan ti Wirasaba dongkap ka Waringinpitu ngadeg lembur leutik pibentengeun pikeun nahan narajangna wadyabalad Banten nu aya di Udug-Udug. Rombongan kadua, dongkap dua tilu taun seunggeus rombongan Wirasaba nyaeta daratang ti Kadipaten Kertabumi Galuh nu dipimpin ku saurang Kanduruan nu namina Wiraperbangsa. Rombongan ti Galuh aya kana mangrebu na. Sihoreng, eta dua rombongan the ngawengku pancen tugas ti Raja Mataram Sultan Agung pikeun ngamankeun Lemah Karawang nu harita keur ka ancam ku Balad Banten.
Singket carita, balad Banten nu sakitu rongkahna nu ges ngajabel Udug-Udug berhasil kausir ku Rombongan Galuh pimpinan Wiraperbangsa. Tarungna Pasukan Wiraperbangsa jeung Pasukan Nagaragung sakitu poharana, mayit-mayit ti kadua belah pihak sampe patunjang-tunjang di hiji walungan nu kiwari disebutna Cipatunjang. Saterusna Balad Banten mundur ka Pamoyanan, di dinya ditarajang dei ku Pasukan Wiraperbangsa nu akhirna Lulugu Banten nu aranna Nagaragan katelas pati. Getih mayit pasukan Wiraperbangsa jeung Pasukan Banten ngocor ngaceceran ngabeureuman hiji walungan nu kiwari disebutna Walungan Cibeureum.
Saeunggeus berhasil ngusir Balad Banten, laju Ki Wiraperbangsa bumen-bumen di Udug-Udug sampai akhirna anjeunna maot saeunggeus mulang ti seba bakti ka Mataram. Layon Ki Wiraperbangsa dikurebkeun di Galuh. Pamarentahan di Udug-Udug diteruskan ku puterana nu namina Ki Singaperbangsa. Ngudang carita naratas galur, salajengna Singaperbangsa ngadegkeun hiji lembur ka hilirkeun Udug-Udug nu katelah Lembur Bakan Karawang, nu cirina aya 6 tangkal Nagasari. Caturkeun dina hiji waktu nu kaunggah ku jaman, nyaeta poe Rebo Tanggal Ping Sapuluh Sasih Mulud Taun Alif. Harita, Lemah Karawang kadongkapan ku Ki Astrawardana, utusan ti Sultan Agung Mataram oge ngawakilan Rangga Sumedang, Nalendra Sunda nu Ngadeg di Tegal Kalong.
Ki Astrawardana menyampaikan piagem Sultan Agung bahwasannya Ki Singaperbangsa dari Galuh jeung Ki Surengrono dari Wirasaba resmi diangkat sebagai Wedana Nagara Agung Karawang nu ayana di Bongas Kilen, ti samet Cipamingkis sampai Kalen Cilamaya.
“Panget ingkang piagem kanjeng ing ki Rangga gede ing gadehi piagem, Sun kongkon anggraksa kagengan dalem siti nagara agung, kilen wates Cipamingkis, wetan wates Cilamaya. Serta kon anunggoni lumbung isine pun pari limang takes punjul tiga welas jait. Kyai Singaperbangsa, kalih Ki Wirasaba kang dipun wadanahakeun ing manira. Sasangpun katampi dipunprenahaken ing Waringinpitu lan ing Tanjungpura.
Peringatan piagam Raja kepada Ki Ranggagede di Sumedang diserahkan kepada Si Astrawardana. Sebabnya maka saya serahi piagam, ialah karena saya berikan tugas menjaga tanah negara agung di sebelah timur berbatas Cilamaya. serta saya tugaskan menunggu lumbung berisi Padi lima takes lebih tiga welas jahit. Ki Singaperbangsa serta Ki Wirasaba. Sesudah piagam diterima, kemudian mereka ditempatkan di Waringinpitu dan di Tanjungpura.
Poe Rebo Tanggal Ping Sapuluh Sasih Mulud Taun Alif kiwari dihartoskeun na nyaeta tanggal 14 September 1633, nu akhirna dijadikeun sebagai Hari Lahirnya Kabupaten Karawang. Saterusna sakumaha nu kaunggel di luhur, yen Wedana Singaperbangsa katut Wirasaba ngabogaan pancen tugas salahsahijhina nyaeta pikeun nyieun sawah di Karawang pikeun kapentingan Mataram nu harita ngagedur nafsu hayang ngusir Bangsa Kebo Bule Kompeni nu ngadayeuh di Muara Cihaliwung. Namung saeunggeus gagalna serangan Mataram ka Batavia tahun 1628-1629 akhirna Mataram jeung Kompeni sapuk ngajalin perdamaian jeng hubungan dagang.
Ti dinya fungsi Karawang salaku Nagara Gung nyaeta wilayah nu khusus pikeun nyadiaken pangan pikeun Mataram dikuatkeun. Laju Ki Singaperbangsa ngadegkeun hiji palabuhan di Muara Ciparage pikeun jadi sandaran kapal-kapal Mataram nu ngangkutan beas Karawang. Palabuhan di Muara Ciparage laju jadi palabuhan gede dimana kapal-kapal dagang boh ti Cirebon, Gresik, Jepara jeng sajabana daratang pikeun daragang jual beli barang sapertos beas, sato kebo, pedes, lauk asin, bamboo, jati, asem jeung sajabina.
Laju aran palabuhan katelahna Dipala, nu hartina Tempat Pembelian. Kadienaken aran Dipala undur carita unggah lalakon ngaran anyar nyaeta Tempuran, nu hartosna tukeran barang dagangan.
Salami puluhan taun Palabuhan Dipala Ciparage jadi hiji tempat nu rame ku aktivitas perdagangan basisir, samalah Ki Singaperbangsa oge ngadegkeun hiji lembur Syahbandar pikeun memantau aktivitas perdagangan, disebutna Lembur Dipala.
Taun 1677 atawa 44 taun saeunggeus berdirina Kabupaten, Dayeuh Karawang ganti lalakon udar carita manggungkeun pawayangan anyar pikeun nyambut jaman nu robah ku mangsa. 1677 Karawang kadatangan jalma nu ngaku Menak Agung Pangeran Luhung nu ngaranna Natamanggala. Te aya nu apal saha eta jalma, ceunah mah ngakuna manehna pengikut Pangeran Madura Trunojoyo nu harita keur ngaberontak ka Mataram. Natamanggala datang ka Karawang, laju diingu ku Bopati Wirasaba nu ngadeg di Parakan Sapi Tanjungpura. Ie jalma nu ngaran Wangsananga sihoreng boga Gindi Pikir Belang Bayah, niat maksud goreng tujuan te hade.
Tanggal 14 Bulan Mei Taun 1677 Wangsananga katut balad-baladna saperti Wangsananga, Jaya Perkasa, Wira Nanga, Citra Praya, Bayu Citra, Naya Taruna katut balad-balad urang Makasar, Bugis jeung Bali nyieun gara-gara di Karawang. Lembur-lembur Karawang dirampok, dihuru nepi ka beak, jeng loba oge rakyatna nu perlaya.
Kadaleman Adipati Singaperbangsa nu aya di Dayeuh Karawang oge ditarajang ku ie para karaman sampe Sang Adipati nu te nyangka-nyangka datangna kaributan akhirna nyalametkeun diri sa aya-aya. Adipati Singaperbangsa jeung 8 orang pengawalna nyalametkeun diri ka arah Udug-Udug, namun disatengahing jalan anjeunna kasusul ku musuh. Takdir teu bisa dipungkir, qadar teu bisa di singlar. Sang Adipati nemahan pati ku ie para karaman nu ngarusuh Karawang. Para pengawal Adipati maraot, sesana mangkat menta bantuan ka Bupati Bandung.
Salah saurang pengawal Adipati nu maot nurutken carita sirahna dikubur di Nagasari nu kiwari kasebut Makam Kramat Nagasari. Sedeungkeun layon Adipati Singaperbangsa nu samemehna dicandak ka Pasanggrahan Tunggakjati, akhirna bisa disalametkeun ku para pengawalna saperti Rangga Suryadipati jeung Indrajaya, nu saterusna dicandak ka Dipala Ciparage laju dikurebkeun di dinya.
Kekacauan yang terjadi di Karawang sebagai akibat pemberontakan Trunojoyo di Mataram, berlanjut ti taun 1677 sampe 1679. Raden Anom Wirasuta, putera Adipati Singaperbangsa, dibantu ku Wirabaya, Tambak Baya jeung Singaderpa akhirna bisa ngamanken dei Karawang. Natamanggala katut para pengacau anak buahna katangkep kabeh laju diserahkeun ka Kompeni pikeun dihukum di Batavia. Namun harita, datang oge ka Karawang 2000 Balad Sumedang pimpinan Rangga Gempol nu hayang nguasai Karawang.
Ratusan Balad Sumedang daratang ka Ciparage, sebelum kemudian balik dai kusabab campur tangan Kompeni. Bulan Maret 1678 Ratusan Balad Banten dengan menggunakan 5 kapal besar datang ka Ciparage laju nyieun karusuhan. Lembur-lembur di Ciparage dibakar, pendudukna dibunuh. Ti saprak harita, kejayaan Ciparage sebagai palabuhan dagang mulai berkurang, kitu oge masyarakatna. Pikeun mulihken dei ketertiban di Ciparage, laju diangkat Tumenggung Wirabaya sebagai pemimpin Ciparage. Tahun 1679 Tumenggung Wirabaya mawa 600 pasukan Ciparage pikeun ngilu ngagempur Sumedang.
Di jaman Adipati Panatayudha, daerah Dipala Ciparage rada ngurangan pangaruhna. Tumenggung Wirabaya nu awalna mingpin Ciparage dipindah ka Parung Naroktok katut rakyat Ciparage. Ti saprak harita Pilemburan Dipala Ciparage mulai suwung jalma, kosong lembur, udar lalakon. Ngan nyesakeun astana sunyi Adipati Singaperbangsa nu kalingkung ku Kali Daun nu ngajadi saksi. Lambat laun, Dipala Ciparage kapopohokeun, kitu dei Astana Ki Singaperbangsa. Sampe akhirna di hiji mangsa, lalakon mucunghul dei, Ciparage unggah carita, dayeuh manggung masanggrahan ku diramekeun dei na astana Ki Adipati nu aya di wewengkon sepi, di luhur taneuh luhur manggung mucunghul. Kali gobang neang kocoran, Kali Daun ngalir ka hulu, Ciparage Manggung Kajaya.
Sapun
Kali Gobang Malang ka Wetan
Kali Daun Ngahulu Ngaler
Kali Cengareng Ngudag Bandala
Kali Ciberung Nyusuk Kedung Waringin
Tempuran Manggung di Pranji
Kalen Tinggi Ngayapak ka Ujung Karang
Sarakan Dipala Kapopoho Mangsa
Tempuran Ngadeg Carita
Ciparage Manggung na jaman
