Mengenal Konsep Tri Tangtu di Tatanen Ala Sunda

Bru di juru bro di panto ngayapak di tengah imah ngagunung di luhur lembur.

Sri Pohaci jeung Sang Kuwera beserta sub variannya itu minangka konsepsi manajemen agraris Sunda baheula nu aplikasi praktisna di running ku cara nyajen, nyawen, ngamandala Huma/sawah dst laju diclose ku seren taun/hajat panen. Varian aplikasinya loba spt mipit, nyalin, dll sesuai pemahaman jeung kayakinan baheula.

Kiwari, te masalah te nyajen te nyawen oge da nu kitu mah saukur taliparanti nu sifat na robah ku jaman ganti ku wayah ilang ku mangsa. Nyajen jeung nyawen no problem ditinggalkeun ku patani nu penting pingkisan(jaga) Visi Sosialisme Sundana : nulung kanu butuh nalang kanu susah, nya’ah ka nu malarat bageur ka nu te boga. Tong sampe urang beunghar ku beas namung tatangga kalaparan mangpoe-poe.

Tiga pondasi manajemen Buhun : sakralitas tatanen, flexibility taliparanti (teknologi) jeng sosialisme/jiwa kepedulian ka sasama eta sakumaha digambarkeun dina tradisi tutur merupakan formulasi kesuburan jeung kamakmuran Bangsa Sunda Pajajaran, walaupun mulai pupus saeunggeus mangkatna Sri Baduga.

Sanajan jaman ges robah, tapi pengetahuan Tritangtu di Tatanen tadi tetep jadi khazanah kabeungharan budaya Sunda nu luhung dimana dalam bahasa kekinian mah tiasa diistilahkan ku : siritualisme, teknologi jeng kepedulian.

Spiritualism (Kosmologi Pohaci & Kuwera) : bahwa Tatanen bagian ti ibadah memakmurkan bumi, sanes ngan ukur olah produk jeung transaksi perdagangan semata. Kusabab dianggap “peribadatan” jadi kena aturan2 tertentu nu te sagawayah. Misal, baheula mah Aya nyieun Mandala di awal tanam, nyajen dll. Kiwari mah misal adil Dina distribusi cai, ritual doa samemeh melak dll.

Teknologi (Taliparanti) : bahwa Tatanen membutuhkan pendayagunaan alat teknologi nu berubah2 sesuai kamajuan jaman. Baheula ku padati ayeuna ku traktor. Duka kahareupna pake teknologi Kumaha.

Sosialism : Jiwa berbagi/paduli jeung sesama baik ka para patani, buburuh atawa laina.
Namung, Tri Tangtu di Tatanen hanyalah saukur kenangan silam bangsa Sunda Kiwari Jeung utopia Urang Sunda Bihari …….. tanpa ayana pamingpin Sunda nu Nyunda, adil jeung peduli somah dalam berkebijakannya.15

Leave a Comment