Mengenal Pencugan Khas Karawang

Salah-sahiji Ibing Karawangan anu kiwari keur diwanohkeun deui ka masarakat khususna nonoman, nyaéta pencugan. Ieu Ibing téh geus mimiti ditalungtik, diarintip jeung didodoho ku ahli ibing Jawa Barat.

Maksudna mah rék dipimilik dipaténkeun diHAKIkeun, nurutan Pa Gugum ngaHAKIkeun tari jaipongan. Sanajan enya, nu diHAKIkeun ukur tarina, tapi temahna karasa pisan, nepikeun ka urang Karawangna loba nu nganggap yén jaipongan mah nu bogana urang Bandung, lain kasenian Karawang deui.

Tah cenah mah Ibing Pencugan gé, geus mimiti dikotéktak asal-muasalna. Matakna saméméh ieu seni warisan téh kaburu aya nu ngarewod, cuang pedar saeutik-eutikeun.

Ieu ibing dasarna tina kembang-kembang jurus maén po atawa silat, dipirig ku kasenian ketuk tilu, mimiti dipopulerkeun ku topéng, dimasyarakatkeun ku para baya atawa bajidor tungtungna sumebar di satengahing masarakat, jadi ibing khas Karawangan.

Pencugan teh réngkak ibing anu teu diatur ku pola, teu diwates ku wilet, goong jeung wirahma. Ngaguluyur sakarep gerakna nu ngibing, bari ditutur-tutur ku tepak kendang. Nayaga, khususna tukang kendang, kudu bisa ngarampa saban gerakan anu ngibing, pon kitu deui, nu ngibing, kudu nyaho kana lebah-lebahna lagu. Di dieu perluna sambung rasa antara nayaga jeung juru ibing.

Lamun salah-saurang teu paham kana léokna lagu, pencugan bakal kurang alus katempona.
Pencugan mah panceg hartina pasti, kuda-kuda kudu tanggoh, gerakanana kudu pasti jeung ngeusi, aya tanaga jeung kakuatan anu kaolah dina saban réngkakna.

Sanajan enya ari gèrakanana mah bebas, tapi dina pencugan gerak leungeun teu meunang ngaluhuran sirah, gerak leungeun pangluhurna sajajar jeung sirah. Gerak leungeun meunang ngaluhuran sirah, dina mangsa nu mencug keur dépok atawa diuk.

Aya sababaraha rupa pencugan anu sumebar di masyarakat Karawang.
1. Pencugan Ketuk Tilu.
Ieu pencugan kaasup pencugan umum anu ilahar dipintonkeun dina mangsa nanggap ketuk tilu atawa nanggap kliningan. Bajidor nu mahér ngibing, biasana ménta lagu, tuluy diibingan ku manéhna. Lamun bajidorna teu resep ngilu aub ngibing, biasana sok muruhan sindén sangkan ngibing pencugan, dina lagu anu ku manéhna dipesen. Pangna disebut pencugan ketuk tilu, pedah lagu-lagu anu sok diparaké ibing pencug, umumna lagu-lagu salancar, anu biasa dibawakeun dina ketuktiluan.

2. Pencugan Bodor
Pencugan bodor, mimitina tina ibing bodor topéng anu biasana dipintonkeun saméméh topéng ngalalakon. Gerakan ibingna, umumna sok bari diheureuykeun, nyieun réngkak pikalucueun, bari dituturkeun ku tepak kendang, sangkan nu lalajo deuseurian.
Pencug bodor mimiti di populérkeun ku Ali Saban (Almarhum) pimpinan Topéng Banjet Daya Asmara.

3. Pencugan Campur
Ka béhdieuna nu ngibing pencug sakapeung dicampurkeun, antara pencugan nu umum jeung pencugan bodor. Mimitina ngibing pencugan biasa, di tengahna dicampur ku gerak ibing lucu, sanggeus kitu balik deui kana pencugan biasa. Pencugan model kieu kaasup pencugan campur.

Tepak Pencug
Salian ti Ibing Pencug, aya ogé anu disebut tepak pencug. Disebut tepak pencug téh, kulantaran hiji lagu anu dihaleuangkeun ku sinden, laguna teu dipatok ku pola wirahma. Kendang minangka kukulu wirahma bisa bebas ngaraéh ketukan, sakumaha kahayang nu nepak. Asal galéongna geus papada apal jeung rasana geus ngahiji.

Aya bédana antara tepak pencug jeung ibing pencug. Ibing pencug mah, nu jadi kukuluna anu ngibing. Kendang jeung waditra séjénna bakal nuturkeun réngkak anu ngibing, jadi nu ngibing teu bisa leuwih ti hiji, sabab sakabéh tabeuhan waditra nyoko ka hiji tokoh, nyaéta anu ngibing.

Sedengkeun dina tepak pencug, anu jadi kukuluna tukang kendang, sakabéh waditra nunutur tepakan kendang. Kitu deui anu ngibing, gerakan ibingna bebas, tapi saluyu jeung tepak kendang. Dina tepak pencug, nu ngibing bisa leuwih ti hiji, lantaran teu nyoko ka hiji tokoh, nu penting anu ngibing apal ka mana leokna kendang.

Sakitu ngeunaan pencugan, mugia ieu kasenian karuhun asli ti Karawang téh sing jadi ciri mandiri pamatri asih, nganteng langgeng sapanjang jaman.

Ieu tulisan mangrupa olahan tina hasil obrolan jeung tokoh-tokoh Seni Pencug Karawang.
1. Kulawarga Saban
Kang Agus Saban
Kang Asep Saban (Almarhum)
Kang Endang Saban

2. Kulawarga Pendul
Bah Jaya Pendul
Wa Doris

3. Mbah Namin
Pimpinan Lingkung Seni Jaipongan “Namin Group”

Leave a Comment